Sambel suuk

Sambel Kacang

Sambel suuk, sambel kacang, saos kacang, bungbu suuk, (mun teu maké céngék moal lada), atawa bungbu pecel nyaéta sambel anu bungbuna tina bahan utama suuk meunang ngagoréng tuluy diréndos atawa digiling nepi ka lemes. Sambel suuk loba digunakeun dina kaolahan nusantara komona mah di tatar Pasundan. Kaolahan luar nagari gé loba nu maké sambel suuk diantara kaolahan Malaysia, kaolahan Thailand, kaolahan Viétnam, kaolahan Cina, ogé sababaraha nagara Afrika. Ogé heureut dipikawanoh di Éropa, utamana kaolahan Belanda jeung Wétan Tengah.

Ari sambel suuk sok dibanjurkeun kana sababaraha kadaharan urang Sunda saperti loték, karédok, kupat tahu, doclang, batagor, cilok jeung sarupaning pepecelan lianna.


© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search